Breaking News

Si Kabayan Nulis Berita Maké Tools AI

  • account_circle Redaksi Tigarut
  • calendar_month Senin, 2 Mar 2026
  • visibility 254
  • print Cetak

TIGARUT.COM — Si Kabayan keur diuk ngetéyép di pojok kantor média online. Manéhna keur puyeng sabab kudu nyieun tulisan panjang ngeunaan “Ekonomi Kreatif di Lembur”. Keur kitu, datang babaturanana nu sok mawa béja, Si Lamsijan.

“Kabayan, naha bet pusing ngetik? Ayeuna mah aya ‘Jig jépiti’ (ChatGPT)! Manéh tinggal nanya, tulisan langsung jadi sakiceup!” ceuk Lamsijan bari némbongkeun hapéna.

Si Kabayan olohok. “Hah? Jadi dewek teu kudu mikir? Cukup ngomong hungkul?” “Heueuh, Kabayan. Tinggal ngetik naon kahayang urang, éta mesin bakal nulis sorangan kawas nu pinter!”

Akal Bulus: Berita Mesin, Nu Nulisna Molor

Si Kabayan langsung nyobaan. Manéhna ngetik paréntah dina AI: “Jieun berita panjang tur ilmiah ngeunaan mangpaat nangka pikeun ekonomi warga.”

Teu nepi ka semenit, dina layar hapé Si Kabayan geus aya tulisan panjang pisan, bahasana alus, sopan, jeung jiga tulisa

n doktor. Si Kabayan seuri konéng. “Walah… bener euy! Mending kénéh kieu, AI nu digawé, dewek nu molor!”

Manéhna langsung copy-paste éta tulisan, terus dikirim ka Redaktur tanpa dibaca deui sakalimah-kalimah acan. Geus kitu, Si Kabayan langsung ngajonéngré saré di handap tangkal tanjung.

Momen “Tigarut” Digital (Zonkgét)

Isukna, Si Kabayan datang ka kantor bari gaya pisan, niatna mah rék nanya bonus. Tapi, di panto kantor, Abah (nu ayeuna jadi Pimréd/Pimpinan Redaksi) geus nunggu bari beungeutna beureum siga nangka asak.

“Kabayaaaan! Kadieu sia!” Abah ngagorowok nepi ka kaca kantor asa rék peupeus.

Si Kabayan reuwas, manéhna lumpat muru Abah, tapi duka kumaha suku katuna titajong kana kabel komputer nu ngaleuyé (kabel malang). Sleeeep… Gedebug! Si Kabayan tigarut nepi ka irungna ampir nium lantai kantor.

“Aduh, Abah… naha bet tos ambek-ambekan deui?” ceuk Kabayan bari muringis nyekel irung.

Bahasana Mesin, Lain Basa Lembur

Abah ngalungkeun print-out berita Si Kabayan. “Tempo ieu tulisan sia! Judulna mah alus, tapi eusina naon?! Di dieu disebutkeun: ‘Nangka adalah sumber karbohidrat utama yang bisa menyejahterakan robot di masa depan’. Terus di handapna aya tulisan: ‘Sebagai model bahasa AI, saya tidak memiliki perasaan tentang nangka’. Sia téh nulis berita atawa nulis curhat mesin?!”

Nyi Iteung nu jadi sekretaris di dinya ogé mairan, “Enya Kang Kabayan, piraku dina berita aya kalimah: ‘Silakan tanya kembali jika Anda butuh bantuan lain’. Eta mah gaya nulis robot, lain gaya manéh!”

Ngalesotkeun Éra ku Alésan Téknologi

Si Kabayan, sanajan irungna masih nyeri tapak tigarut tadi, langsung nangtung ajeg. Manéhna nyisiran buukna nu rada acak-acakan.

“Hih, Abah, Iteung… éta téh lain salah Kabayan. Éta téh gaya nulis ‘Masa Depan’! Kabayan keur ékspérimén, kumaha mun robot diajak ngala nangka. Éta tulisan téh kode rahasia sangkan urang lembur melek téknologi,” ceuk Kabayan bari kalem pisan.

Abah gogodeg. “Loba omong! Pék hapus deui, tulis deui ku leungeun sia sorangan! Mun henteu, sia nu ku dewek dijadikeun robot keur ngala jukut di kebon!”

Si Kabayan ukur bisa pasrah. Manéhna balik deui ka méjana bari ngagerentes, “Duh, AI… naha manéh bet jujur-jujur teuing ngaku robot, pan dewek jadi katara kedulna…”

Bersambung deui ah!

  • Penulis: Redaksi Tigarut
  • Editor: SAB

Komentar (0)

Saat ini belum ada komentar

Silahkan tulis komentar Anda

Email Anda tidak akan dipublikasikan. Kolom yang bertanda bintang (*) wajib diisi

Rekomendasi

  • 5 Uniknya Kirab Budaya Garut

    5 Uniknya Kirab Budaya Garut

    • calendar_month Selasa, 5 Mei 2026
    • account_circle Tim Redaksi
    • visibility 149
    • 0Komentar

    TIGARUT.COM — Sore itu, jalanan di Garut tak seperti biasanya. Riuh suara kendang bersahut dengan tawa anak-anak, sementara derap langkah peserta kirab perlahan memenuhi ruang kota. Seorang anak kecil menarik tangan ayahnya, matanya berbinar, “Bah, ini kenapa ramai sekali?” Sang ayah tersenyum, “Ini kirab budaya, Nak—cara kita mengingat siapa kita, dari mana kita berasal.”   […]

  • Nah Ini Dia! 5 Rekomendasi Toko Fesyen Muslim Merek Ternama di Garut

    Nah Ini Dia! 5 Rekomendasi Toko Fesyen Muslim Merek Ternama di Garut

    • calendar_month Selasa, 30 Des 2025
    • account_circle Redaksi Tigarut
    • visibility 1.421
    • 0Komentar

    TIGARUT.COM — Garut bukan hanya dikenal dengan dodol dan pemandangan alamnya, tetapi juga perlahan tumbuh sebagai kota yang mengikuti dinamika gaya hidup generasi muda. Dalam beberapa tahun terakhir, tren fesyen Muslim modern mengalami lonjakan signifikan, terutama di kalangan Gen Z dan Milenial. Mereka tidak hanya mencari busana yang syar’i, tetapi juga stylish, nyaman, dan relevan […]

  • Digital Hustle Muslim Fesyen Garut, Nasibnya di Tangan Milenial dan Gen Z

    Digital Hustle Muslim Fesyen Garut, Nasibnya di Tangan Milenial dan Gen Z

    • calendar_month Selasa, 30 Des 2025
    • account_circle Redaksi Tigarut
    • visibility 682
    • 0Komentar

    TIGARUT.COM — Di Jalan Pramuka dan seantero Jalan Raya Tarogong, dari plang toko kecil hingga butik kekinian di Garut Plaza, satu hal mulai terasa progresif: fashion muslim bukan lagi sekadar kain dan syariat, tapi bahasa ekspresi jutaan milenial dan Gen Z yang melebur antara identity, style, dan digital hustle. Setiap sore, etalase butik dan pop-up […]

  • Jihad

    Jihad

    • calendar_month Selasa, 17 Mar 2026
    • account_circle Moeflich Hasbullah, Dosen UIN Bandung
    • visibility 241
    • 0Komentar

    Saya menemukan kutipan ini di sebuah postingan. Gak tahu, bener tidaknya itu ucapan Gus Baha. Saya ingin membahas kutipan itu.   Semua tahu dan sudah banyak dijelaskan, makna asli “jihad” adalah berjuang bersungguh-sungguh, mencurahkan segala potensi diri untuk mengatasi masalah dan kesulitan.   Kesulitan itu banyak bentuknya dari masalah diri sehari-hari hingga menaklukkan ketakutan memperjuangkan […]

  • Akselerasi Digitalisasi Produk Lokal Menuju Naik Kelas

    Akselerasi Digitalisasi Produk Lokal Menuju Naik Kelas

    • calendar_month Rabu, 31 Des 2025
    • account_circle Redaksi Tigarut
    • visibility 264
    • 0Komentar

    TIGARUT.COM — Dinas Koperasi dan Usaha Kecil Menengah (Diskop UKM) Kabupaten Garut diwakili Feri Fadzillah, menjadi pemateri dalam kegiatan Talkshow UMKM Berdaya : Kreatif, Digital, dan Siap Bersaing, yang dilaksanakan di SDN 2 Parakan, Kecamatan Samarang, Kabupaten Garut, Selasa (30/12/2025). Kepala Desa (Kades) Parakan, Rahmat Hidayat, mengapresiasi inisiatif dari mahasiswa KKN Gradasi kelompok 13, dengan mengelar […]

  • Nah Ini Dia! 5 Tempat Ziarah Terkenal di Garut

    Nah Ini Dia! 5 Tempat Ziarah Terkenal di Garut

    • calendar_month Senin, 26 Jan 2026
    • account_circle Redaksi Tigarut
    • visibility 346
    • 0Komentar

    TIGARUT.COM –Kabupaten Garut tidak hanya dikenal dengan keindahan alamnya, tetapi juga memiliki berbagai destinasi wisata religi yang sarat nilai sejarah dan spiritual. Tempat-tempat ziarah di Garut banyak dikunjungi oleh peziarah dari berbagai daerah untuk berdoa sekaligus mengenang jasa para tokoh penyebar agama Islam. Berikut adalah lima tempat ziarah terkenal di Garut yang sering menjadi rekomendasi. […]

expand_less